Rabu, 21 Januari 2026

SUMERAH



Ngadeg panceg di luhur amparan jagat

Mayun ngiblat ngadeuheus nu maha haat

Ati nyungsi jaladri asih illahi

Nu sumawur nyambuang saawang-awang


Soca mencrong khusu kana pangsujudan

Ati tigin nyawang geusan pangbalikan

Nu kapireng seuneu ngalentab durjana

Nu kaimpleng éndahna taman kabagja


Panangan nyampay na raga teu walakaya

Haté ihlas kumereb pasrah sumerah

Hirup hurip sinareng maotna abdi

Mung salira Gusti, nu ngawasa sakersana


Nalika sujud kumambang muji nu héman

Kumalangkang pirang-pirang kahariwang

Inggis ragrag waktos meuntas dina cukang

Da rumaos Gusti hirup téh seueur wangkelang


Pangreureuhan, 21 Januari 2026
#SAK

Rabu, 14 Januari 2026

 

Ka Saha


Dimana ngancikna asih

Dimana nyangsangna tresna

Dimana panggihna cinta

Dimana – dimana tepungna rasa


Kasaha ngaitna ati

Kasaha munggaran jangji

Kasaha meungkeut pasini

Kasaha – kasaha ngedalkeun rasa


Ieu haté geus teu bisa dipaliré

Ieu haté geus henteu daékeun simpé

Ieu haté teu weléh galécok waé

Ieu haté geus teu tibra dipépéndé


Nyongsrong lamunan implengan

Nu langgeng jadi impian

Iraha atuh iraha

Nu diimpleng kasorangna


Pangrereuhan, 14 Januari 2026

Rabu, 07 Januari 2026

 

Haréwos Katresna


Raraosan mah teu pira

Pédah naros rék kamana

Sinareng kawit timana

Obrolan manjang jadina


Raraosan mah teu pira

Pédah naros kakasihna

Sareng dimana linggihna

Jadi manjang lalakona


Da bongana dilayanan

Obrolan katutuluyan

Nyosok jero susuganan

Haté hayang ngajugjugan


Ti kawit tepang harita

Jadi sering sambung rasa

Panglayar galura hawa

Nu mawa haréwos tresna


Kalan – kalan ngintun serat

Unggelna wuwuh tibelat

Pangemat nganteng duriat

Mugia teu reuntas pegat


Pangrereuhan, 7 januari 2026
#SAK

Sabtu, 03 Januari 2026

 

Peuting Pangimplengan


Najan bulan mabra nyaangan buana

Najan béntang di langit caang baranang

Tingkariceup cangra taya aling-aling

Peuting angger sepi jempling taya anu miroséa


Endahna peuting bet nurihan haté kuring

Anu rajét disosoéh rasa tresna

Éndahna peuting bet nyeuitan haté kuring

Anu simpé dipépéndé ku nu galécokna haté


Angin peuting lirih tingtrim ngadalingding

Nyuat-nyuat pikir nu wuwuh tibelat

Bulan béntang nu rapang caang baranang

Ngalelewang rasa nu teu weléh kumambang honcéwang


Ngumbar lamunan nyorangan

Taya nu nyanding marengan

Ukur raga nu nyangsaya

Dina tumpukan implengan


Bulan ngangkleung maju ngulon

Marengan manteng lamunan

Bulan ngangkleung meulah peuting

Marengan hiji impian


Pangreureuhan, 3 januari 2026

#SAK